Nyeueung haseup nu beuki ngelun,
tina corobong lalambe nafsun..
Pangaruhna nyaliara ka budak ingsun,
seuneuna mah teu kauntun..
Nyeueung haseup nu beuki ngelun,
ti sabuderen panganjrekan nu ngunngun..
Adat katimuran ageman mangtaun-taun,
lantis kasered ku lalambe ifkun..
Nyeueung haseup nu beuki ngelun,
tina waris nu jadi rebutan panyamun..
Nu nyamuni nyered lima tatapakan imah ingsun,
bereum bodas jadi pulas aswadun..
Nirmala seda malilang..rahayu..
Oleh: Adam Q Kosasih Nasir
Sajak Sunda

No comments:
Post a Comment